25 November 2019

Selamat Hari Guru 2019


Sakoteng wadahna nyiru
Lobi-lobi rek diala
Wilujeng ka para guru
Nu kiwari milangkala
*****
Kararas jeung daun jati
Digundukeun jeung hangasa
Sing ikhlas urang babakti
Ngamajukeun putra bangsa
*****
Ka baros mangsa janari
Jam tilu rek ka Cinangka
Sanaos jaman kiwari
Ka guru sok lepat sangka
*****
Jam tujuh ka Pasawahan
Mangkatna mawa campedak
Nu puguh keur mamagahan
Disangka nyarekan budak
*****
Ka talun numpak mobil treuk
Jalan manjang ka istana
Komo mun budak kasintreuk
Guru gancang dipidana
****
Bobosok rea di situ
Dikumbah arek disate
Tapi sok sanajan kitu
Guru ulah leutik hate
******
Dianting teu make tindik
Diwedak tara maranti
Nu penting niat ngadidik
Beh budak boga pangarti

*Selamat Hari Guru Nasional*
✊🇮🇩

Tidak ada komentar: